Anaking...
regepkeun piwuruk mamah, hidep
sangkan hirup rahayu
jeung berkah tur bagja
Anaking..
hideup geus nincak mangsa dewasa,
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka,
Bapa sareng mamah teu gaduh warisan banda pohara,
teu gaduh tanah nu lega
komo deui emas permata,
Bapak sareng mamah ngan gaduh do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di surga
0 komentar:
Posting Komentar